Unsur Intrinsik dan Sinopsis Novel
Baruang Ka nu Ngarora
v Pangarang
: D.K Ardiwinata
v Panerbitna
: Rahmat Cijulang
v Tema
: ngahasut atawa baruang
v Latar
:
1. latar
tempat : dibumina nyi piah,ujang kusen,aom
usman,abdullah,
didesa
nyi piah sareng ujang kusen tinggal,sareng di kebon kopi
2. latar
waktu : sakabehan waktu aya
3. latar
suasana : bungah,sedih,tegang,emosi
v * Galur
: maju
v * Sudut
pandang :
urang katilu serba nyaho
v * Gaya basa :
ngagunakeun bahasa sunda halus
v * Palaku
:
1.
Nyi Rapiah
2.
Ujang Kusen
3. Aom
Usman
4.
Haji Abdul Raup
5. Istri
haji abdul raup
6.
Haji Samsudin
7.
Istri haji samsudin
8.
Haji banisah
9. Nyi
dampi
10. Agan ali
11. Abdullah
12. Haji Tayib
v * Amanah
Sing jadi jalma teh tong gampang di hasut ku urang lain,sok boga pendirian
nu kukuh sareng nyerahkeun diri ka nu ngabogaan hirup.
Sinopsis
Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina haji abdul raup meuni rame
pisan,kulantaran anakna nyaeta nyi rapiah rek di lamar ku ujang kusen. Teu lami
nyi rapiah jeung ujang kusen akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri
sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna pindah ka hiji desa nu jauh tina desa
kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku ceurik kulantaran nyi
piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi piah supados
nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di
deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun
pisan,kulantaran manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh timana – mana
ditambahan diditu nyi piah jauh ti kahidupan mewah nu biasana manehna
jalankeun.
Tiba tiba dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di
imah eta,akhirna nyi piah kabur sareng abdullah bade ka imah kolotna. Singket
carita nyi piah sareng ujang kusen teh papisah anu akhirna nyi piah nikah ka
aom usman lalaki nu dipicinta nyi piah,tapi teu lila nyi piah di candung ku aom
usman,ceurik weh nyi piah kulantaran nyesel ninggalkeun ujang kusen demi aom
usman. Tapi nyi piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna di
candung. Sami jeung nyi piah,ujang kusen ge jadi jalma nu teu bener senggeus
papisah jeung nyi piah,sok maen awewe jeung ngadu,akhirna kulantaran sikapna nu
kos kitu ujang kusen di bui.
Sempalan jeung Tingkesan Novel
Baruang Kanu Ngarora
Pangarang : D.K Ardiwinata
Pamedal : Rahmat Cijulang
Taun
Medal : 1914
Kandelna
: 148 Kaca
Sempalan :
Barang bréh Nyi
Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil
cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa
ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan
palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”
Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?”
Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben
“Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna
“Eta mah teu kirang deui Rp.25, mésérna ogé Rp.22,5
“Beu naha mahal-mahal teuing? Teu kenging Rp.15.
“Teu kenging, Lis, mésérna ogétebih kénéh. Sareng ieu embi ngabantun lélépan
lucu pisanm pantes dianggo ku Elis. Geura anggo dina jariji.”
“Tidak bisa, Lis belinya saja masih jauh. Ini juga membawa cincin yang lucu,
pantas dipakai oleh Elis. Coba pakai di jari.”
“Tuluy, ninggang kana réma anu sakitu manisna. Geura tingali éta berlianna mani
enyut, cahayana kuwung-kuwungan. Mirah delima anu di tengah sakitu lucuna,
manis siga amis, kulit konéng kasipuh ku watang emas, mani ngagempur.”
Cék Nyi Rapiah, “Edas, Embi mah ku tiasa mapantes téh. Sabaraha ieu téh
pangaosna
“Ari pangaosna mah Rp.25, dan berlianna enya ogé lalembut, tapi aralus, teu aya
nu paut; mirah delimana oge bangsana saé.
“Ah mahal teuing, Embi, teu gaduh artosna; ongkoh ari ali mah goréng-goréng
ogé, geus gaduh. Ngan éta baé samping, kuring meuli hiji, lamun dipaparinkeun
Rp.20.”
Mangga baé Lis dimurahkeun, étang-étang ngahaturkeun sawaréh; ka nu sanés mah
moal dihaturkeun. Ari éta lélépan, upami palay mah mangga baé montong
digaleuh.”
“Montong digaleuh kumaha? Méré?”
“Enya ngahaturanan.
“Ah, Embi mah sok ngabobodo, kawas ka budak.”
“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban
dawuhan Aom Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa wawawuhan
sareng anjeunna, mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana mah éta téh
kagunganana, lain dagangan
Nyi Rapiah sajongjonan mah ngahuleng baé, teu ngajawab. Geus kitu pok ngomong,
“Saha Embi ari Aom Usman téh?”.
“Ah Nyai mah mamamdaluan, piraku teu uninga, kapan putrana Juragan Demang
“His, Kuring mah daék lolong teu acan tepang. Ari jenenganana mah nya sok
nguping baé.
“Naha da itu mah uningaeun ka Nya”
“Pantes baé, da pameget mah sok anclongan”
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potret Aom Usman tina pésak baju kutang; sor
disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku
Nyi rapiah ditampanan bari imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero
atina “Emh, sok komo teuing buktina, potretna sakieu kasepna, surup jadi putra
menak. Nya ieu lalaki nu matak ngagegelokeun awewe teh.”
Dari situ Nyi Dampi mengambil Potret Aom Kusman dari saku kutang, lalu
diserahkan kepada Nyi Rapiah, sambil larak-lirik ke belakang takut ada yang
mengawasi. Oleh nyi Rapiah diterima sambil tersenyum lalu dilihat dengan
seksama. Berbicara dalam hatinya
Pikir Nyi Rapiah mimiti gedag rek kabengbat ku nu kasep. Kalau tidak takut oleh
orang tua, dan sudah punya kekasih, sepertinya akan nekad.
Ceuk Nyi Dampi, “Kumaha, Lis, cocog?”
Nyi Rapiah seuri bari nyodorkeun deui potret ka Nyi Dampi.
“Kumaha, Lis kinten-kintenna?”
“Emh, Embi lain bangbang lain pacing, lain campaka kuduna.”
Nyi Dampi seuri bari nungkupan sungut, sarta tuluy ngomong, “Wah, Elis, na kudu
kumaha? Rasa Embi mah geus aduna pisan, nu geulis ka nu kasep.”
“Ih lain ki kituna Embi, ngan kitu wae, Embi langkung uninga, kapan kuring rek
lakian. Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes.
Bongan teu tibareto, da ku abah oge moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah.
Ngan eta ari menak ka somah teh sok nyecepo, ngarurujit. Ayeunamah
lajeungkeun bae, sugan jaga di aherat tepang sukma padasukma. Ari ieu lelepan
lain teu nuhun, ngan kuring risi bisi kauninga ku sepuh sae haturkeun deui bae.
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi
pahibut nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji. Cek Nyi Haji, “Naon
nu rek dibeuli teh, Nyai?”
“Omong Nyi Dampi, “Ieu putra teh palay sinjang,pangaosna Rp.20.”
“Pek bae deui.”
Samping dicikot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ka Nyi Haji, ingdungna Nyi Rapiah.
Kontan.
Kain diambil oleh Nyi Rapiah, lalu dibayar ke Nyi Haji, mamanya Nyi rapiah.
Kontan.
Nyi Dampi amit, tuluy balik gura-gitu, lantaran atoh dumeh nampa ladang
samping, batina gede.
Tingkesan :
Baruang ka nu ngarora nyaritakeun atawa ngalalakonkeun Ujang Kusen, Nyi
Rapiah, jeung Aom Usman. Dina jaman menak sok sewang-sewangan, Aom Usman
hayangeun pisan ka Nyi Rapiah, tapi geus jadi pamajikan Ujang Kusen. Ku sabab
hirup dikota loba godaan nana Ujang Kusen mawa Nyi Rapiah hirup di lereng
gunung, Aom Usman nitah agan ali anu tukang pukul pajajaran datang ka imah
Ujang Kusen anu digunung sangkan Nyi Rapiah di dekeutan, tuluy Nyi Rapiah di
bawa ka kota, kusabab Nyi Rapiah ge ngarasa teu betah hirup di gunung, Nyi
Rapiah ge ngilu ka agan ali.
Timimiti kawin Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah geus silih bogoh pisan, tapi
kaayaan Ujang Kusen anu ngan saukur rakyat biasa teu bisa mere leuwih ka Nyi
Rapiah, nepika Nyi Rapiah pirak jeung Ujang Kusen. Ujang Kusen sabar ningali
pamajikan na di goda ku Aom Usman.
Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi
Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung nu sadarajat jeung manehna nyaeta
Agan Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin
jeung anu sadarajat. Ari si Ujang Kusen prustasi lantaran ninggali Nyi Rapiah
dikawin ku Aom Usman, Ujang Kusen tidinya sok gunta-ganti pamajikan, lantaran
ngarasa eweuh nu leuwih ti Nyi Rapiah, Ujang Kusen sok judi, mabok, pokonamah
beda jeung Ujang Kusen basa jadi salaki Nyi Rapiah, ahirna Ujang Kusen dibuang
ka Surabaya kusabab dituding maling duit, duit eta teh dipake jang judi deui.
0 komentar:
Posting Komentar